Selasa, 20 September 2011

K A W I H

Kawih kiwari dipatalikeun pikeun musik vokal anu henteu diwengku ku hiji métrum saupama wanda pupuh sarta panjangna henteu tetep. Supandi ngadéfinisikeun kawih minangka musik vokal anu boga tempo tetep / ajeg.

Kawih disabit-sabit dina naskah Sunda buhun Sanghyang Siksakanda ng Karesian anu ditulis dina daun palem dina taun 1518. Genre musik vokal ieu diwincik dina naskah kasebt: kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalanguan, kawih panyaraman, kawih sisindiran, kawih pengpeledan, bongbong kaso, parerane, porod eurih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasambatan, kawih igel-igelan. Sebagain gedé wanda kawih nu disebut ku naskah kasebut ayeuna geus henteu dipikanyaho.

Kawih sisindiran meureun lalaguan sisindiran, nyaéta puisi pondok anu didasarkeun kana asosiasi sora (verbal) kawas anu kapanggih kiwari. Kawih bangbarongan bisa jadi musik anu marengan tari topeng sato bangbarongan. Kawih igel-igelan nyaéta lalaguan (musik) pikeun tari.

Naskah Sanghyang Siksakanda ng Karesian ogé nyebutkeun "Ieu kawih panyaraman pikawiheun ubar keueung, ngaranna Pangwereng Darma. Wanda kawih panyaraman ieu geus henteu kapanggih deui kahirupan kiwari.

Kalolobaan kawih dilagukeun sacara tunggal ku awéwé. Sanajan kitu, lalaki ogé bisa ngalagukeunana.

Conto Kawih
Kawih-kawih Mang Koko I

Hariring nu Kungsi Nyanding

(Lirik: Winarya Artadinata)

Purnama nu kungsi leungit,
ayeuna nganjang ka buruan deui,
anu kungsi kapiati,
kiwari urang ditepangkeun deui.

Hariring nu kungsi nyanding,
ayeuna datang ngahaleuang deui,
hayu pataréma tineung,
cacapkeun meungpeung aya kasempetan.

Ayeuna mangsa nu éndah,
hayu urang suka bungah,
caang bulan opat welas narawangan,
ati bangblas.


Kembang Impian

(Lirik: Dedy Windyagiri)

Antara lolongkrang kiceup urang pateuteup,
bulan pias eunteup na lalangsé kayas,
kaca jendéla nu muka
kaca katresnan nu muka,
peuting téh teuing ku jempling,
asih téh teuing ku wening.

Pangharepan lir laut nu jero,
teu katepi ku sora panggero,
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.

Tong teuing ngedalkeun lisan,
urang guneman na ciptaan,
bagja deukeut patémbongan.

Geter ti ati ka ati,
iber jadina pasini,
saranggeuy kembang impian,
sungkeman kana lahunan.


Kembang Tanjung Panineungan

(Lirik: Wahyu Wibisana)

Anaking, jimat awaking,
basa Ema mulung tanjung rebun-rebun,
di pakarangan nu reumis kénéh,
harita keur kakandungan ku hidep.

Geus opat taun ka tukang,
ema nyipta mulung béntang,
nu marurag peuting tadi,
béntang seungit ditiiran, pangangguran.

Anaking, jimat awaking,
basa Ema mulung tanjung rebun-rebun.
bet henteu sangka aya nu datang,
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep.

Nu opat poé teu mulang,
ngepung gunung pager bitis,
cenah tiwas peuting tadi,
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.

Harita, waktu layonna geus datang,
ema ceurik, aduh, balilihan,
ras ka hidep, yeuh, na kandungan,
utun inji budak yatim, deudeuh teuing.

Harita, waktu layon geus digotong,
ema inget, geuning, kana tanjung,
dikalungkeun na pasaran,
kembang asih panganggeusan, ieuh, ti duaan.

Anaking, jimat awaking,
lamun ema mulung tanjung reujeung hidep,
kasuat-suat nya pipikiran,
tapina kedalna téh ku hariring.

Hariring éling ku éling,
kana tanjung nu dipulung, éh,
kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan,
nu nyeungitan haté urang panineungan.


Peuting jeung Pangharepan

Lirik: RAF

Jep angin entong nyoara,
bongan henteu mawa béja,
geus béntang ulah ngiceupan,
bongan teu mawa titipan.

Méga, enggeus geura leumpang,
pék pindingan itu bulan,
bongan neuteup ti tatadi,
tapi henteu mawa jangji.

Duh peuting ku teungteuingeun,
datang ukur mawa keueung,
henteu ngirim panghareupan,
henteu béja-béja acan.

Boro lila diagoan,
sugan anjeun babawaan,
datang mawa panghrepan,
talatah iber jungjunan.

Duh untung mun boga jangjang,
rék hiber arék ditéang,
hayang buru-buru terang,
katineung nu didagoan.

Hayang meunang kacindekan,
anu jadi panyileukan,
naha baris kalakonan,
atawa ukur impian.


Jalir

Lirik: S.A.R

Tuh panonpoé saksina,
jeung alam katut eusina,
malah béntang anu peuting,
baranang gigireun bulan,
pada milu mencrong melong,
kabéh pada nyaraksian.

Basa manéhna keur wakca,
ngedalkeun eusi haténa,
kuring kapaksa percaya,
masrahkeun raga jeung nyawa,
haté katut jeung eusina,
walungan jadi saksina.

Mun angin bisa nyarita,
manéhna tangtu balaka,
pan manéhna nu harita,
galindeng mawa subaya,
ngukir jangji jeung pasini,
réka basa rengga-renggi.

Padahal surya can robah,
béntangna nu éta kénéh,
bulan purnama can ingkah,
langit tetep teu marudah,
nu geus jangji henteu tigin,
nu subaya geuning jalir.

Cing alam anu nyaksian,
yén kuring ménta bantuan,
pangjugjugkeun sing katéang,
eusi haténa rampaan,
sugan bisa diteuleuman,
kuring nunggu kapastian.

Mun manéhna mulang deui,
pék mawa putusan jalir,
mupus pasini nu tadi,
kuring moal arék aral,
moal baha kana kadar,
rék tumamprak kana takdir.


Wengi Énjing Tepang deui

(Lirik: Tatang Sastrawinata)

Kinanti

Disimbutan ku halimun,
diaping ku indung peuting,
lalaunan ngalayangna,
sukma ninggalkeun jasmani,
ngalayang ka awang-awang,
rék nepungan ka nu tebih.

Nepungan ka urang gunung,
malati di pinggir pasir,
kakara pisan ligarna,
kapendakna tacan lami,
katuruban dangdaunan,
kaheumpikan nagasari.

Kembang diburu dirungrum,
sawengi henteu kawangi,
teuteupan henteu kalanglang,
raraosan mah sawarsi,
hawar-hawar sora hayam,
ciri parantos janari.

Nu nyumput téh humarurung,
teungteuingeun milik diri,
harianeun teuing kadar,
misahkeun anu keur asih,
kembang nganggo dihalangan,
diteundeun ku indung peuting.

Geuning geus aya di pungkur,
indit haté mah murilit,
miang gé da sumoréang,
Parangtritis kapiati,
aduh Enung pileuleuyan,
wengi énjing tepang deui.


Sagagang Kembang Ros

Sagagang kembang ros
tawis pangbakti ka diri
sulur wales ti jungjunan
ieuh asih nu wening

Runtuyan harewos
jangji pasini katampi
moal weleh mikaheman
ieuh asih nu wening

Sarining kembang
jatining asih
jadi angkeuhan duh
urang duaan
rasa pangharepan
panteng kayakinan
na dasaring ati
urang duaan

Sagagang kembang ros
tawis pangbakti ka diri
sulur waleh ti jungjunan
ieuh asih nu wening

Kawih-kawih Mang Koko II

Patani

Leumpang gagancangan, muru pagawean
Ngagedig leumpang patani
Paculna dipanggul, bari udud ngebul
Mapay jalan nu sasari
Datang-datang gecruk macul
Ngolah tanah ambeh cukul

Bapa tani jongjon, ngolah sawah kebon
ngadekul ngagarap hanca
kuat kahujanan, kuat kapanasan
tulaten ngurus pakaya
bapa tani ahli bakti
babakti ka lemah cai


Balap Lumpat

Balap lumpat patarik-tarik lumpatna
Balap lumpat paheula-heula tepina
Hiji dua barudak sadia
Tilu barenglumpat paheula
Lumpat tarik bebeakan
Muru kalang pameunangan

Lumpat tarik meakkeun kabeh tanaga
Embung kasor haying dating pangheulana
Lumpat tarik tangtuna sok lempoh
Silih susul ambekan hah-heh-hoh
Nicak kalang pameunangan surakna ayeuh-ayeuhan

Balap lumpat papada hayang tiheula
Balap lumpat museurkeun kabeh tanaga
Lumpat cape beakkeun tanaga
Lesu ngaclek nyusul teu kaduga
Lumpat nyisi dodongkoan
Ku baturna dikeprokan


Gumbira

Rasa guligah rapot alus angkana
Seuri gumbira ha ha ha ha
Seubeuh pamuji irung ge asa kembung
Igel-igelan pak pong pak pong gung

Rasa guligah itungan bener kabeh
Seuri jeung surak, heup heup heup horseh
Waktu pakanci ulin bareng ngalabring
Kakarawihan, during duraring


Niron Tentara

Ngabaris beres niron tentara
Terus maju jalan tu dwa tu dwa
Leumpang gandang dangah gagah
Baris bari ngatur lengkah

Nyorendang bedil niron tentara
Belok kanan kiri tu dwa tu dwa
Ngerab-ngerab sang dwi warna
Siap maju bitotama

Leumpang dipirig ku tatamburan
Keupatna diatur tu dwa tu dwa
Lencang kanan lencang kiri
Terus maju banting kaki



Pahlawan (Karatagan Pahlawan)

Teu honceang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka.


Hayam jago

Kongkorongok Si Jago
Kukuruyuk Si pelung
Rebun-rebun geus nyaring ngajak carincing
Ngabar sora jeung baturna
Raong kongkorongok bari papacok



Ngayuh Hujan

Hujan turun tutumplukan
Kuwung-kuwung narembongan
Anu hejo anu kayas
Matak kelar matak waas
Cur hujan geura breg turunsing rata
Pek siram tatanen masing walatra

Hujan geura turun deui
Supaya maseuhan bumi
Bumi tempat pepelakan
Sangkan timbul karaharjaan
Cur hujan geura breg turun sing rata
Pek siram tatanen masing walatra

Hujan turun tutumplukan
Rek nulungan pepelakan
Nu keur meunang kasusahan
Rek laju kahalodoan
Cur hujan geura breg turun sing rata
Pek siram tatanen masing walatra

Lalamunan

Mun pareng abdi nincak dewasa
Bade ngabantu rukun tatangga
Gotong royong tur sabilulungan
Trong-trong-trong sora kohkol ngelingan

Mun abdi pareng nincak dewasa
Haying laksana jadi tentara
Ngusir musuh nu rek niat jail
Dor dor dor musuh paeh dibedil

Mun abdi pareng jadi nu kaya
Moal nyaah ka dunya barana
Pakir miskin nu katalangsara
Sok sok sok rek dibagi walatra

Layung

Beureum koneng pulas langit
Tingarudat siga gambar
Alam endah leuh mindah rupa
Awor jeung warnaning kembang di buruan

Hayu batur hayu batur
Buruan geus ngadagoan
Urang ulin yu gogonjakan
suka seuri galumbira tetembangan


Bandung

Bandung…Bandung
Bandung nelah kota kembang
Bandung…Bandung
Sasakala Sangkuriang
Dilingkung gunung heurin ku tangtung
Poseur kota nu mulya parahiyangan
Bandung…Bandung
Pada muru dijarugjugan

Bandung…Bandung
Tingrunggunuk nyanding gunung
Bandung…Bandung
Dipasieun Cikapundung
Di Bandung munpung, jalma ti kampong
Ngadon reureuh di kota nyinglar kabinung
Bandung…Bandung pangbeberah nu ngadon nguyung

Tumpak Beca

Tumpak beca beca
Jalan anca anca
Suka ria galumbira

Tumpak beca bari gogonjakan
Calikna bari lalagdayan

Darmawisata kukurilingan
Niron anu numpak mobil sedan

Jalanna muter kukulinceran
Itung-itung pelesiran
Beca beca beca
Nawar beca jeung pilihan
Sangkan cukup ku tiluan

Angin leutik raos ngahiliwir
Nebak ka nu keur pelesir
Beca beca beca
Jalanna hayang nguriling
Mayarna tong mahal teuing

Tumpak beca beca
Jalan anca anca
Suka suka ria galumbira

Ulin di Buruan

A…….a a a a a ha ha ha galumbira
I………i i i i i i hi hi hi suka seuri

Ulin di buruan ulah sok silih heureuyan
Ulin di buruan ulah sok silih poyokan

Ulin di buruan ulah sok kamalinaan
Lamun kaleuwihan urang nu rugi sorangan

dicandak tina sababaraha sumber.