Jumat, 16 Oktober 2009

sok geura di baca kadinya!

PUISI BAHASA SUNDA KELAS 7 SMP TALENTA

Kédé Katuhu

Leungeun kedé jeung katuhu
Kahadé masing satuhu
Ulah nyekel salah rampa
Satia kana salira

Panon kédé jeung katuhu
Kahadé masing satuhu
Ulah lepat dina ninggal

Kitu deui cepil dua
Anu kédé jeung katuhu
Tuhu dina ngadangukeun
Ulah sok lepat déngéna

Sampéan kédé katuhu
Masing tuhu ngalengkahna
Ulah rék lepat tincakna
Matak cilaka ahirna

Baham keur pangucap basa
Kahadé bisi nyarita
Nu nganyenyeri sasama

Karya Jesslyn Christianningrum Putri (VII A)

Bandung

Cenah…
Bandung téh kota kembang
Cenah…
Bandung heuring ku tangtung
Cenah…
Bandung kota sagara seuneu

Tapi…
Eta mah baheula pisan
Ayeuna…
Bandung téh heurin ku runtah
Ayeuna…
Bandung téh kota sagara motor

Duh… deudeuh teuing
Kota kalahiran simkuring
Ngan hiji nu jadi kareueus simkuring téh
HIDUP PERSIB MAUNG BANDUNG!!!

Karya Alfonso Alexander (VIIA)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar