Senin, 29 November 2010

k.a.h.a.y.a.n.g.d.i.R.I

Taun ayar 2011 tapi sikep urang salaku pribadi atawa PAMARENTAH naha geus bisa ayar roba atawa angger keneh wae, make cara-cara heubeul, kabijakan heubeul jeung sajabana nu kalahkah nyusahkeun diri urang salaku pribadi atawa PAMARENTAH? Hal ieu pakuat-pakait oge jeung kabijakan dina KABUDAYAAN, khususna Sunda, tanah kalahiran, tempat digedekeun, nyiar elmu, nyiar kipayah, tuh jaga engke tilar dunya, KURING hayang di tatar SUNDA. Kaayaan kuring ieu teh sigana kaalaman oge ku jalma lian.
Tong boro nu pituin asli urang Sunda, dalah jalma nu asalna lian ti tatar Sunda pada neangan kipayah didieu. Matakna sok urang berjuang sakuat tanaga kudu bisa maju tong nepi ka "jati kasilih ku junti" pan asa teu hade, masing alus mun "junti"na mawa kahadean bisa "pindah cari pindah tampian" coba mun henteu? eta sigana nu kudu dipikiran ku urang sarerea.

Nulis ieu teh di dasaran ku kasedih diri kana Kabudayaan kuring utamana Basa Sunda. Tulisan ieu teh teu husus keur ka hiji jalama, intansi pamarentahan atawa naon wae ngaranna, tapi tulisan ieu keur nu ngaku urang Sunda, saha wae anu masih nyaah, asih jeung ngamumule kana Kabudayaan Sunda.

Mun ditilik-tilik, nu make Basa Sunda teh jauh tinu nambahan malah asa beuki ngurangan, sigana mun LSI ngayakeun survey ka sakabeh jalma anu cicing di tatar Sunda hasilna bakal katingali yen nu make basa Sunda teh ngan saeutik, dalah di lemburna sorangan Basa Sunda teh geus dipopohokeun. Sok we mun urang nanya ka barudak leutik make Basa Sunda asa teuing ngartieun teuing henteu eta budak teh. Atawa tong jauh-jauh teuing ningali batur atuh, dikulawarga urang sorangan naha masih keneh sok make Basa Sunda keur paguneman sapopoe atawa henteu?, sabaraha persen paguneman urang nu make Basa Sunda di kulawrga atawa di masarakat? tah jawaban eta sigana nu bisa ngageuing hate urang. Sabab salila ieu urang nu ngaku urang Sunda ngan kakara bisa agul yen kabudayaan urang teh luhur, kabudayaan urang teh endah jeung rea-rea deui.

Pantes sigan mun kuring boga pamikiran siga kieu "mun ditilik-tilik nagara-nagara maju nu aya di dunya, sakabeh komponen bangsana kaasup pamarentah jeung masarakatna geus bisa ngajaga, miara jeung ngamumule kabudayaan bangsana sorangan matak bisa maju bangsana". Tapi coba urang ngeunteung ka bangsa urang sorangan, misalna pamarentah nu sakuduna miara, ngajaga jeung ngamumule kalahkah sabalikna pan? Mun kabudayaan urang geus aya nu ngaku ku nagara deungeun kakara pan bangsa urang riweuh, ngamuk, jeung melaan pisan. Lain hartina goreng ngabela siga kitu teh, tapi asa leuwih hade deui mun dimumule komo jeung dimekarkeun mah.

Kuring sok ngarasa heran mun ningali jalma nu cenah ngakukeun urang Sunda tapi apilain kana Basa Sunda, pan lieur? jeung ka jalma anu dumuk di wewengkon Sunda tapi embung pindah adat kabiasaan. Pan dina peribahasa bahasa Indonesia aya basa kieu "dimana bumi dipijak, disitu langit dijungjung" cek pikiran kurang mah alus pisan eta kalimah teh sabab miboga harti nu luhur pisan. Mun cek basa kuring mah meureun mun urang cicing di hiji wewengkon kudu ngajaga, ngahargaan, ngilu miara naon-naon nu aya di tempat urang cicing tea. Tapi hal eta sigana can pati bisa diterapkeun dina utek sakabeh jalma, aya eta ge sigana nu bisa nerapkeun, malah lewih hade batan urang Sundana sorangan. Hal eta bisa katingali geus loba conto jalma nu lain urang Sunda tapi bisa leuwih ngajaga, ngahargaan jeung ngamumule Kabudayaan Sunda. Cag ah! Bilih aya anu bade mairan, ngiritik jeung sajabana,mangga diantos.Urang padungdengan susuganan aya hal positif nu bisa dicokot.

Rebo, 12 Januari 2011.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar