Selasa, 17 November 2009

Carita Banyol

Di hiji rohangan dokter kelamin, aya hiji lalaki ngora rek konsultasi ka eta dokter.

“Dok, kuring teh hayang dipariksa masalah ‘eta’ ku dokter, tapi era!” ceuk eta pasen kulamas-kelemes.

“Ke….ke…naha bet era? Apanan kuring mah dokter, siap ngabantu naon nu jadi keluhan anjeun!” ceuk eta dokter ngayakinkeun.

“Euuh, kumaha nya, dok! Kuring mah sieun dokter nyeungseurikeun!” si pasen tetep we era ngedalkeun.

“Seuri kunaon? Yeuh, anjeun kedah percaya ka kuring! Kuring oge keuna ku kodeu etik kadokteran, nu salah sahijina teu meunang nyecela atawa nyengseurikeun panyakit pasen. Ngartos? Sok atoh ayeuna mah naon nu bade ditembongkeun?” ceuk dokter nitah eta pasen ngaguarkeun naon nu jadi musabab si pasen datang ka manehna.

Teu lila, geus kitu si pasen langsung muka calanana. Manehna tuluy ningalikeun bobogaanana. Na atuh barang bobogaanana ditingalikeun, si dokter langsung nyikikik!

“Hii..hi…hi…hi…..! Hii..hi…hi…hi…..! Hapunten-hapunten kuring seuri kalepasan!” ceuk dokter bari tuluy nutupan bahamna. Terus manehna ngomong, “kutan kitu nu jadi masalah anjeun teh!”

Si dokter rek teu seuri kumaha da ningali ukuran bobogaan si pasen: sagede patlot 2B!

Pikiran si dokter mah, eta pasen pasti hayang dibadagan bobogaanana, siga nu biasa dilakukeun ku Ma Erot.

“Tah, ayeuna naon maksud anjeun ka dieu teh?” si dokter nanya ka eta pasen nu beungeutna beureum bangun kusabab tadi diseungseurikeun.

“Maksad abdi mah dok! Kieu abdi hoyong ngadamangkeun gagaduhan abdi!”

“Kunaon kitu?” si dokter panasaran.

“Ieu, gagaduhan teh tos saminggon bareuh!”

Langsung wae dina pikiran si dokter teh ngan kabayang: pentul korek!

sumber:http://www.galuhciamis.co.cc

Tidak ada komentar:

Posting Komentar