Kamis, 05 November 2009

Diajar Paribasa Sunda

September 26, 2009

Seueur pisan babasan paribasa sunda nu ku simkuring hilap deui, ma’lum ulin di kota nyarita loba teu make sunda komo deui paribasa pastina oge jarang kapake.. ayeuna sugan jeung sugan rek diajar deui babasan paribasa .. manawi para wargi bade nambihan sumangga diantos …

taya tangan pangawasa: jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga;

aya nu dianjing cai: aya nu diarep-arep atawa dihéroan. Kecap héro murwakanti jeung séro, ari séro nu disebut anjing cai téa.

peureum kadeuleu beunta karasa: ngagambarkeun nu kaédanan sok inget baé ka nu dipikabogoh;

samar polah samar rasa: henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina haté baé, tacan bruk-brak;

seungit angin-anginan: seungit pisan meleber ka mana-mana;

satungtung deuleu: ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan;

ciri sabumi cara sadésa: masing-masing tempat bogaeun adat séwang-séwangan anu henteu sarua;

kudu bisa pindah cai pindah tampian: kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan;

henteu terus jeung haté: henteu saenyana, ngan ukur omong baé;

silih jenggut jeung nu gundul: ménta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga;

legok tapak genténg kadék: réa pangalaman jeung kanyaho;

désa maca cara nagara mawa tata: ngagambarkeun yén kaayaan jeung adat kabiasaan di désa jeung kota (nagara) téh béda-béda;

heureut deuleu pondok léngkah: ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok;

ngabéjaan bulu tuur: ngabéjaan jalma nu geus nyahoeun;

puraga tamba kadengda: ngajalankeun paréntah sahayuna, asal ulah disebut henteu nurut kana aturan; digawé asal baé;

leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, il. Ilang tanpa karana;

poék mongkléng buta rajin (atawa buta radin): poék pisan, sasatna henteu témbong curuk-curuk acan;

ulah leutik haté: ulah sieun atawa putus pangharepan;

kabur pangacian: sarua jeung kapupul bayu, leungit tanaga jeung sumanget;

muncang labuh ka puhu: jalma nu saumur-umur ngumbara balik ka tempat asalna atawa tempat lahirna. Bandingkeun jeung kebo mulih pakandangan;

garo singsat: samar polah henteu sabar ku sabab nu didagoan henteu jol baé. Nu sok digambarkeun garo singsat mah awéwé;

nuturkeun indung suku: leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan;

dahar soré henteu isuk: ngagambarkeun jalma miskin anu henteu bisa dahar dua kali sapoé, biasana digunakeun dina carita atawa dongéng;

dug hulu pet nyawa: digawé henteu ngingetkeun kacapé ku sabab hayang nyiar napakah keur anak pamajikan nu cukup;

sisit kadal: sial

tanda wisnu: tanda bawa waktu lahir dina badan, biasana henteu daékeun leungit nepi ka kolot;

nepi ka kaurugan taneuh beureum: nepi ka maot. Biasana digunakeun pikeun némbongkeun kainget nu moal laas-laas ka jalma anu geus nulungan atawa nyieun kahadéan;

teu uyahan: henteu nyari atawa kurang ajar. Pikeun nyebut jalma anu kalakuanana atawa omonganana henteu merenah;

sakecap kadua gobang: ngagambarkeun sipat jalma anu gampang ambek. Bandingkeun jeung ambekna sakulit bawang;

geus euweuh pangabetah: geus henteu aya nu matak betah;

ngaginding sataker tanaga (atawa sataker kebek) : dangdan sangkan ginding pisan, sagala rap dipaké;

gandrung kapirangrung: kaayaan jalma anu kaédanan;

heurin ku létah: rék nyarita kagok atawa sieun. Jalma leutik biasana ngarasaeun heurin ku létah rék nyarita satarabasna ngeunaan kaayaanana ka nu di luhur;

kawas hayam keur endogan : élékésékéng henteu sabar, cilingcingcat ka ditu ka dieu, samar cabak ku lantaran hayang geura tepung atawa hayang geura ngadéngé béja nu ditunggu-tunggu;

satru kabuyutan: musuh tuturunan, atawa musuh gerot;

tunggal sakocoran: masih sakaruhun, masih aya katalian pancakaki;

sawan geureuh: gagal ku lantaran geus diomongkeun ku balaréa, cara nu lila teuing papacangan tapi henteu jadi, disebut sawan geureuh. Sawan téh panyakit nu biasa terap ka budak.

jadi lalab rumbah: jadi bahan omongan sapopoé. “Teu nyana Engkang téh mung alus saur wungkul, beurat cinta dianggo lalab rumah, horéng ukur semet lambey”;

luncat mulang: gajlig tina jangji, omonganana henteu bisa dicekel, da robah-robah saban waktu;

ngembang kadu: olohok bawaning akgét. Kembang kadu téh disebut olohok.

asa aing uyah kidul: asa aing pangpinterna atawa pangbeungharna, cindekna pangpangna. Uyah kidul cenah kadarna leuwih réa, jadi karasana leuwih asin manan uyah ti laut séjénna;

ditincak hulu: dihina lain lumayan;

mangduakeun : nyolowédor, salaki atawa pamajikan neundeun haté atawa ngayakeun hubungan cinta jeung nu séjén;

kumaha geletuk batuna, kecebur caina: kumaha béhna, kumaha kajadianana baé;

pondok jodo panjang baraya: sanajan geus papisah tapi ari duduluran mah ulah pegat kudu terus nganteng saendengna;

sapu nyéré pegat simpay: pileuleuyan, kalimah anu sok diucapkeun waktu rék papisah ku sabab aya nu rék lunta jauh atawa pindah ka tempat séjén. Sok ditambahan: paturay patepung deui. Sapu nyéré téh apan disimpay ku pameungkeut, lamun simpayna pegat, pasti nyeréna mancawura;

ambek nyedek tanaga midek: rék ngalawan tapi henteu walakaya;

julig ati: goréng haté, hianat;

teu kénging disupa dulang, teu kénging dibébénjokeun: wawangsalan nu ngagambarkeun kasono nu henteu bisa disisilihan ku naon baé. Supa dulang = kéjo, sangu. Kecap kéjo murwakanti jeung bébénjo;

kajeun kendor dapon ngagémbol: papatah nu nitah sabar, ulah gurung gusuh, dapon hasilna mucekil;

dedeg sampé rupa hadé: ngagambarkeun dedeg pangadeg budak ngora (lalaki) anu pikaresepeun nu nénjo, pangpangna awéwe;

ngalambang sari: awéwe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun hubungan séks jeung nu lain muhrim; jinah;

dikojayan: ditulungan tina karurubed

jelema andar-andar: jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana, galandangan;

nyiduh ka langit: méré naséhat ka saluhureun nu leuwih terang jeung leuwih réa pangalamanana;

ngahudang timburu: nimbulkeun kacuriga. Timburu di dieu lain dina hubungan antara lalaki jeung awéwé anu katalian ku katresna.

ka bau-bau sungut: omongan anu moal didéngé, moal dipaliré, jadi taya gunana;

garo-garo teu ateul: gagaro lain ku lantaran ateul, tapi ku sabab bingung pilakueun, biasana anu digarona téh tukangeun ceuli;

kurang saeundan: rada gélo, kurang jejeg, otak miring. Saeundan téh sapocong, nyaéta satengah geugeus. Baheula paré dibeungkeut jadi pocongan tuluy dua pocong dihijikeun jadi geugeus atawa gédéng.

kawas kapuk kaibunan: ngagambarkeun nu kalenger atawa kapupul bayu ilang tanaga, leuleus lungsé henteu tangan aya pangawasa;

asa runtag bumi alam: asa lebur kiamat;

taya dunya kinasihan: henteu ngorétkeun naon baé. “Geus asa ka anak sorangan bae, taya dunya kinasihan, naon baé gé moal dikorétkeun.”

randa béngsrat: randa anu waktu pipisahan jeung salakina masih kénéh parawan da henteu kungsi ngayakeun hubungan badan ku sabab pista atawa élik;

pohara dagdag-dédégna: ngagambarkeun jalma anu enyaan hayang ngaladénan sangkan nyugemakeun nu diladénanana;

lébér wawanén: gedé kawani, henteu boga kasieun;

teu rék gedag bulu salambar: henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rék terus ngalawan.

kawas sisaru jadi: jalma anu ngadadak kalaluar ti imahna riab ka mana-mana;

murang-maring: ambek-ambekan ka saha baé nu aya di deukeut manéhna;

teu boga pikir rangkepan: bolostrong, sahinasna, nyarita atawa ngalakukeun hiji hal henteu nimbang-nimbang piakibateunana;

ngadék sacékna, nilas saplasna: jalma jujur nu tara pura-pura boh nyarita boh ngalakukeun naon baé, duméh aya nu dipindingan atawa dirasiahkeun;

ditéték nepi ka bubuk leutikna: diterangkeun kalawan écés sagala rupana, henteu aya anu disumput salindungkeun;

neukteuk méré (mari) anggeus atawa neukteuk mawa anggeus: ngajak mutuskeun hubungan, embung papanjangan;

murah congcot hambur bacot: béréhan dina barangbéré tapi gampang nyarékan jeung sok tara eureun ku sakeudeung ari nyarékan téh;

nganyar-nganyari: robah adat, nyieun kalakuan anu tara-tara ti sasari, biasana jadi goréng da nimbulkeun masalah;

tambuh laku: laku nu taya gunana, upamana indit rék nagih ka tempat anu jauh, ari hég jalmana keur euweuh di tempat, jadi nyamos.

Cag heula dugi ka dieu … :)
Sumber : Majalah Cupumanik

Tidak ada komentar:

Posting Komentar