Jumat, 06 November 2009

ieu.sanes.sajak.

Sampurasun sadayana,simkuring riana.iya.rancunk, nyanggakeun mugia katampi sakedik curat-coret. Nyuhunkeun saran, kritik, cacian, makian, sareng naon bae lah kanggo simkuring ngarah nambihan pangaweruh. Wilujeng...


BAYAH NYARITA


Lumpat tapi teu ngaléngkah
keteyep
ngeteyep
panon lumpat mapay implengan
tincakeun sakapeung noroweco
kucuprak
soledat
gejebur
dada eungap ambekan lalumpatan
teuing kamana, kamarana
waruga dirogahala
kakawasaan jeung kalungguhan
biwir rapet digembok implengan
teu bias ngucap
tapi ieu haté ngagedur narajang
ayeuna kudu tetep ngagedur
nepi ka jaga ning géto
engké kari nyeungeut
Ngagedur deui.

Kopo, 20 Mei 2009


SIRUNG

Tong waka kokoar kabalararéa
Ieu sirung-sirung bangsa nu bakal neruskeun lemah cai
Elmu, etika jeung tatakrama mah kakara dibagikeun
Najan,
Can tangtu bener
Najan,
Can tangtu pinter
Sirungna geus aya nu ngahakanan
Ucap, lampah, katut paripolah
Leuwih beurat
Leuwih susah

Ayeuna sirung can waktuna ngider
Ngiderkeun sakabéh élmu, étika, jeung tatakrama
Kudu dijaga, diriksa, diberesihan
Make beresihna manah anu sumerah sadrah
Tuh gening, loba hileud nu teu hayang sirung ngagédéan
Saeutik-saeutik huntu nu seukeut ngagégélan ngagorogotan

Kari kumaha mangsa ayeuna
Ti mimiti manceran poé
Kudu jadi pamecut
Nu ngajaga, ngariksa, ngaberesihan
Ucap, lampah, paripolah sirung
Ngarah sirungan…

20 Mei 2009

HARIWANG
Kanggo Mimin Carmini

Saléngkah deui junjunan salengkah deui
Mapay panjangna alam lain nu kamari
Nu lain ngan ukur pinuh ku seuri tur bungah
Tapi susah pasti kiwari dipilampah
Kudu dipikir dibulak-balik
Kudu dibeuweung diutahkeun
Pacekel-cekel leungeun


Salengkah deui junjunan nyorangan alam kanyataan
Ceurik mah geus pasti kasorang pon susah
Da ceuk juru sawer ge bakal kaalaman
Ari seuri mah teu kudu dibéjaan
Ngan kari ngalana
Tur babagi
Pan ceuk basa gé
Hirup teh lir ibarat leumpang nanjak
Keur seuri cape seuri
Keur ceurik cape ceurik
Engké dimana nepi kaluhur
Urang pinanggaih jeung kabagjaan

Eta teh bener junjunan, bener
Ngan urang can ngaliwatan renjulna kanyataan
Salengkah deui junjunan
Salengkah deui
Mungkas alam lalagasan
Salengkah …
Kopo, 25 Mei 2009

HARTA LELAKI

Aku adalah lelaki yang harus berjuang
Bila aku tak sanggup berjuang
Dimana harga diriku akan kusimpan?
Harta tertinggi yang diberikan Tuhan padaku
Harga diriku sebagai lelaki

Bila tak ada medan perang untuk berjuang
Aku akan berjuang mencari medan perang
Agar aku bisa berjuang
Selama kuat berjuang
Sekuat anugrah yang diberikan Tuhan padaku
Meskipun keringat, darah, dan nanah saling mendahului
Aku akan terus berjuang

Mendayung, mendaki, berlari aku lakukan
Untuk mencari, mendapatkan, dan menemukan medan perang
Pucat, pedih, kelam, gelap, pekat tak apa
Yang penting aku dapat berjuang
Demi anugrah yang diberikan Tuhan padaku
Demi harga diriku
Sebagai seorang lelaki
Kopo, 20 Mei 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar