Kamis, 05 November 2009

Esai Bahasa Sunda Ajip Rosidi

Diajar Maca
Ku Ajip Rosidi

Basa kuring asup ka kelas hiji Sakola Rayat (ayeuna mah Sakola Dasar), dina pangajaran maca, ngagunakeun buku Diajar Maca (mun henteu salah kitu judulna). Poho deui saha nu ngarangna. Ngan dina éta buku, murid anu kakara diajar maca cara kuring, diajar ngéjah. D-i d-i … Didi; Y-o y-o …. Yoyo ….. W-i w-i ….. Wiwi jeung saterusna. Murid diwanohkeun heula kana aksara, boh anu aya soraan (vokal), boh anu henteu aya soraan (konsonan). Ngan ku lantaran euweuh soraan, aksara lambang konsonan mah sok ditambahan ku “e” heulaeunana. Jadi “Ed-i .. di, Ew-i …. wi, En-a …. na” jeung saterusna.

Ngajar maca cara kitu téh disebut diajar ngéjah. Ku sabab jumlah aksara Rum anu dina basa Sunda disebut aksara Latén téh ngan ukur sawatara likur, atuh méméh anggeus kelas hiji ogé murid téh kabéhanana geus apaleun kana sakabéh aksara. Lamun budak geus apaleun kana sakabéh aksara, hartina manéhna baris bisaeun maca naon baé, pangpangna anu dina basa Sunda atawa dina basa séjén anu sistim éjahanana henteu béda, cara upamana basa Indonésia.

Tapi dina taun 1960-an, para sarjana anu kakara mulang diajar di nagara Kanguru dina raraga Rencana Kolombo nganggap yén sistim ngéjah téh tinggaleun jaman. Anu dianggap bener mah anu disebut “sistim global”. Ari dasar falsafahna nyaéta ku lantaran urang dina waktu nénjo kecap téh henteu saaksara-saaksara tapi sagemblengna, cara ari urang ningal karéta api henteu sagerbong-sagerbong, tapi saruntuyanana. “Sistim global” téh digunakeun di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris, sabab dina basa Ingris mah aksara téh henteu salilana sarua diunikeunana, upamana aksara “u” henteu salilana diunikeun “u”, lamun mandiri dibaca “yu”, tapi lamun di antara dua konsonan sakapeung dibacana “a” cara dina “but”, tapi sakapeung “u” cara dina “put”. Kitu deui aksara “i”, lamun mandiri dibaca “ai”, tapi lamun bareng jeung aksara séjén, béda-béda ngunikeunana, sakapeung dibaca “ai” cara “time” dibaca “taim”, tapi sakapeung dibaca “i” cara dina “bit”. Aksara “a” sakapeung dibaca “éi” cara dina “take”, tapi sakapeung dibaca “a” cara dina kecap “answer”. Aksara “o” biasana dibaca “o” cara dina kecap “long”, tapi lamun aya dua sakapeung dibaca “a” cara dina “blood”, tapi sakapeung “o” baé ngan rada panjang cara dina “door”. Sakapeung deui “o” téh dibaca “wa” cara dina “once”. Cindekna sora unggal aksara dina basa Inggris mah henteu angger, béda jeung dina basa Sunda anu salilana angger. Aksara “a” diunikeun “a” sanajan di mana baé diperenahkeunana, jeung dihijikeun jeung aksara naon baé gé. Kitu deui aksara “u”, “i”, “o”, “é”, “e”, “eu” tara robah unina naha mandiri, naha saheulaeun atawa sapandeurieun konsonan, atawa di antara dua konsonan, angger baé.

Kitu deui aksara konsonan dina basa Sunda mah angger diunikeunana di mana baé tempatna. Béda jeung dina basa Inggris, apan konsonan “g” sakapeung dibaca “g” cara dina kecap “egg”, sakapeung dibaca “j” cara dina kecap “logic”. Kitu deui konsonan rangkep “gh” (sakapeung diunikeun “g” cara dina “ghost”, sakapeung “h” cara dina “though”, sakapeung “k” cara dina “lough”), “t” (sakapeung “t” cara dina “hit”, sakapeung “c” cara dina “tulip”) jeung réa-réa deui.

Ku lantaran kitu dina pangajaran maca di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris aya mataajaran anu disebut “spelling”, nyaéta nu ngajarkeun kumaha nuliskeunana saban kecap. Sabab dina hakékatna basa Inggris mah sarua jeung basa Cina, apan Kanji gé saban kecap téh dilambangkeun ku aksara nu cara nulis jeung garis-garisna kudu diapalkeun. Lamun salah nyieun garis atawa garisna aya nu kurang atawa aya nu leuwih, diunikeunana jeung hartina baris béda. Kecap-kecap dina basa Inggris ogé kudu diapalkeun susunan aksarana, lamun kaliru baris béda ngunikeunana sarta béda hartina deuih.

Jadi para pakar urang anu ngawanohkeun sistim global dina ngajarkeun maca basa Indonésia jeung Sunda téh, saenyana mah ngan tuturut munding bari henteu ngarti yén pasipatan unggal basa téh béda-béda. Naon anu alus jeung merenah pikeun basa Inggris, tacan tangtu merenah jeung alus pikeun basa Sunda jeung Indonésia, sanajan aksara anu digunakeunana sarua tur asalna ti sumber budaya Barat. Komo deui da pikeun ngalaksanakeun sistim global mah, barudak téh kudu dibarengan ku réa maca, hartina kudu réa buku sangkan dina waktu diajar réa papanggih jeung “runtuyan gerbong” anyar. Di nagara-nagara maju tempat para pakar téa diajar, buku geus henteu jadi masalah. Perpustakaan anu lengkep aya di tiap sakola. Béda jeung di urang. Dina taun 1960-an waktu sistim global téa mulai dilaksanakeun, buku masih jadi barang langka, sarta sakola anu bogaeun perpustakaan masih ancal-ancalan. Akibatna barudak SD nepi ka kelas 4 masih kénéh tacan lancar maca. Hartina jutaan budak jadi korban “ékspérimén” para pakar anu kabisana ngan tuturut munding.

Luyu jeung pasipatan basa Sunda, aksara Latén anu digunakeun pikeun nuliskeun basa Sunda ayeuna paling merenah diajarkeun ku sistim ngéjah cara Ed-i … di, Ew-i ….. wi, En-a ….. na, Em-o …. mo jeung saterusna.

Pangajaran maca téh tujuanana sangkan barudak bisa maca, nyaéta bisa ngunikeun runtuyan lambang anu mangrupa aksara téa jadi kecap. Bisa jadi kecapna tacan kahartieun ku budak anu macana, tapi ngahartikeun mah léngkah kadua sabada si budak bisaeun macana. Sabada terangeun kana kecapna jeung cara ngunikeunana, lamun tacan ngarti kana hartina, si budak bisa nanyakeun ka guruna, ka kolotna, ka lanceukna atawa ka babaturanana anu geus ngartieun. Lamun geus nyampak, nanyana bisa kana Kamus. Hanjakal tacan aya kamus éka-basa Sunda anu praktis keur barudak.

sumber:ajip-rosidi.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar